iklan space 728x90px

Puisi Sunda Karya Erwan Juhara

Puisi Sunda Karya Erwan Juhara


Amor

Aya wanci juru panon ngajaring panon anjeun
Tuluy kecap mimiti medar sandiwara
Panon kuring jeung panon anjeun
Buntutna tikelebuh kana kamalir rasa
Nu antukna ngagolak ngaraketkeun sandiwara kecap
Ngaragragkeun pucuk kembang sakoteap
Ngaguar usum ngijih janji
Ngaguar rasa urang .......


Wilujeung Wengi

Gerentes gumulung subuh ngalingsirkeun panto peuting
Ningraykeun gomplok dangdaunan dina congo panonpoe
Dina kentel engapan manuk galejra
Jeung cikikik sora para wanoja
Di luhureun pancuran

Taun Anyar

Lampu dayeuh isuk-isuk
Kalucas-kalices ngagalindengkeun kalungse, wanci ....
Angin jeung lebu ngipasan humarurung, wanci ....
Katumbiri kapiasem nyampeurkeun buntut, wanci ....
Teu katiten geuning geus ganti, wanci ....

Erwan Juhara, lahir di Bandung, 5 Januari 1968. Guru SMAN 10 Bandung, milu ngokolakeun Yayasan Jendela Seni. Sababaraha kali meunang pangleelr pikeun tulisana boh fiksi boh non fiksi. Alamatna di Jl. Sukapura 77 Gang Anggrek RT 01 RW 02 Kiaracondong Bandung 40285.
Maman Malmsteen
Maman Malmsteen Aktif menulis sejak tahun 1986 di media massa. Menjadi announcer di Radio Fantasy 93,1 FM sejak tahun 1999. Menjadi Blogger sejak tahun 2010. Sekarang aktif sebagai Content Writer untuk beberapa Blog/Website.

Posting Komentar untuk "Puisi Sunda Karya Erwan Juhara"

Follow Berita/Artikel Jendela Informasi di Google News