iklan space 728x90px

Carita Sunda; Beurit jeung Maung


Jendela Informasi - Kacaturkeun di leuweung. Aya maung keur tibra sare luhureun batu lempar. Awakna kaiuhan ku rungkun. Sanajan panonpoe keur moreret, manehna teu ieuh ngarasa panas. Da puguh di tengah leuweung nu sakitu rembetna, jeung kaayaanana ariuh. Atuh maung teh anteng. Turug-turug angin hihiliwiran.

Keur kitu ujug-ujug torojol aya beurit nyampeurkeun. Ngadon ungas-ingus kana suku maung. Kaitung wanian. Euh, lain wanian meureun. Beuritna bae nu teu boga pikiran. Make wawanian nyampeurkeun maung nu sakitu badagna.

Lantaran karasa aya nu ungas-ingus kana sukuna, maung nyaring. Barang breh aya beurit dina sukuna, teu tata pasini deui ngan gep bae beurit dicapluk. Puguh sato leutik, digegel saeutik oge teu manggapulia. Ukur bisa roroesan jeung tulungtulungan. Kaluar tina sungut maung mah teu bisa.

Heueuh saha nu daek nulungan. Puguh maung teh sasat sato nu pangdipikasieunna ku sato sejen. Apan nu ngaraja di leuweung teh manehna. Jeung pimanaeun deuih beurit teh bisa salamet. Puguh geus aya dina tungtung sihung maung, kari lep diteleg.

Nempo galagat kitu, beurit mimiti lungas-lengis.
Pokna, “Duh Juragan, mugi-mugi aya sih piwelasna. Rumaos abdi teh gagabah, tos wantun ngaganggu salira nu nuju kulem tibra. Ampun paralun sanes abdi gaduh niat hoyong ngaganggu. Abdi bae anu bodo, bet lunta-lanto ka dieu, wantu ngaganggu Juragan nu nuju leleson. Saupami Juragan bade ngahukum abdi, taya bayana da abdi nu lepat. Naon sesahna kanggo Juragan nu kasohor kongas sareng gagah ayeuna keneh neleg awak abdi. Namung ieu mah manawi Juragan karunya keneh ka jisim abdi, mugi-mugi Juragan kersa ngaleupaskeun deui awak abdi. Sareng mugi-mugi abdi tiasa ngabales kana kasaean manah Juragan.”

Ngadenge omongan kitu, maung teu tulus neleg eta beurit. Gaur ngagaur, matak pikasieuneun sato sejen. Beurit mah geus puguh deui, ngayekyek teu bisa lumpat-lumpat acan.

Pok maung nyarita bari kasar, “Sia ku aing ayeuna dikencarkeun deui. Karunya deuleu! Tapi lain rek ngarep-ngarep maneh bisa males kahadean dewek. Ka ditu nyingkah! Ngaganggu bae batur hirup teh!”

Geus kitu mah maung teh reup deui peureum. Beurit kalawan ati-ati pisan ninggalkeun maung, nyulusup kana rungkun.

Poe isukna. Teu jauh ti batu lempar tea, maung geus kajiret jeung ngagulantung dina jaring nu dipasang ku tukang moro. Puguh jaringna gede jeung wedel, maung teu walakaya. Ukur bisa ukay-ukey di jero jaring bari guar-gaur.

Beurit nu ngadenge sora maung guar-gaur pikawatireun teh tuluy lumpat nyampeurkeun. Breh teh nempo maung geus teu walakaya di jero jaring. Bari teu nungguan diparentah, beurit naek kana tangkal sarta tuluy mapay tali jaring nu ngagantung.

Tali jaring teh ku beurit disegetan. Da puguh ahlina, najan sakumaha wedelna ge tali jaring teh teu burung paregat. Sababaraha mata jaring ku beurit dipegat-pegatkeun, nepi ka maung bisa moncor. Antukna, maung bisa salamet, memeh nu moro datang.

Boh maung boh beurit tuluy lumpat nyingkahan jaring, da bisi nu masangna datang. Barang nepi ka tempat nu rada singkur. Maung eureun sarta ambekanana renghap ranjug. Manehna nyipta-nyipta mun nu moro kaburu datang. Moal salah awakna tuluy direncah, kulitna disisit, sarta hirupna tamat nepi ka poe ieu.

Pok maung nyarita ka beurit, “Hampura euy, dewek geus salah sangka. Ari sugan sato leutik siga maneh teh moal bisa nulungan dewek nu kasohor rajana di leuweung. Horeng unggal mahluk teh boga kabisa sewang-sewangan, jeung teu pantes silih hina.”

Beurit ukur imut. Pokna, “Juragan, nyieun kahadean sarta nyaah ka sasama mahluk hirup teh tangtu aya ganjaranana. Sanajan Juragan nulungan ka mahluk anu dianggap hina, henteu mustahil hiji mangsa anu dianggap hina teh aya gunana!”

Maman Malmsteen
Maman Malmsteen Aktif menulis sejak tahun 1986 di media massa. Menjadi announcer di Radio Fantasy 93,1 FM sejak tahun 1999. Menjadi Blogger sejak tahun 2010. Sekarang aktif sebagai Content Writer untuk beberapa Blog/Website.

2 komentar untuk "Carita Sunda; Beurit jeung Maung"

  1. Logika dari cerita di atas apa y???

    BalasHapus
  2. Jangan memandang rendah atau hina pada seseorang. Sebaiknya saling menghargai, menghormati dan menyayangi sesama. Tikus yang dipandang rendah oleh harimau karena tikus makhluk kecil dan lemah, suatu waktu malah menyelamatkan nyawanya saat harimau terjerat perangkap pemburu hewan.

    BalasHapus

Berilah komentar yang sopan dan konstruktif. Diharap jangan melakukan spam dan menaruh link aktif. Terima kasih.

Follow Berita/Artikel Jendela Informasi di Google News