iklan space 728x90px

Puisi Sunda Karya Ibnu Hajar Apandi

Puisi Sunda Karya Ibnu Hajar Apandi

Tanah Karuhun

Dayeuh ngempur sisi kidul
Di kaler lembur nyalingkur
Dangdanan dayeuh kulawu
Keprulna nepi ka lembur

Padataran paimahan
Tapak kebon sapanjang jalan
Deudeuh teuing urang lembur
Ninggalkeun tanah karuhun


Cihideung

Suku gunung harigu lembur
Imbit lamping tatangkalan
Raray pasir palawija
Kekembangan sosoca taman

Pada natap pada ngusap
Leah ku leungeun sarakah
Dipelakan babatuan
Ciseke jadi ngorotan

Tungtung daun keclak ciibun
Sarangenge nirukeun hate
Sagecruk kesang murubut
Ki patani ngulangkeun pacul

Pelak kembang jeung sayuran
Modalna ti juragan bandar
Ki Patani bati capena

Ibnu Hijar Apandi, kalahiran Bandung 6 Juni 1976, dumuk di Bandung Kaler. Sajak-sajakna nu dina basa Sunda kungsi midang dina Pikiran Rakyat, majalah Mangle, Bina Da'wah, jeung Cupumanik.
Maman Malmsteen
Maman Malmsteen Aktif menulis sejak tahun 1986 di media massa. Menjadi announcer di Radio Fantasy 93,1 FM sejak tahun 1999. Menjadi Blogger sejak tahun 2010. Sekarang aktif sebagai Content Writer untuk beberapa Blog/Website.

Posting Komentar untuk "Puisi Sunda Karya Ibnu Hajar Apandi"

Follow Berita/Artikel Jendela Informasi di Google News